Makam Prabu Lembu Agung di Astana Gede Cipaku Diziarahi Oleh Karaton Bali

Cipaku Darmaraja - Dalam rangkaian Haul Prabu Geusan Ulun, keturunan Karaton Bali kurang lebih 40 rang, bersama Ketua RWS Puseur Sumedang, berziarah ke Makam Prabu Lembu Agung, yang infonya saya ketahui dari Kang Iwa sendiri, ketika saya berkunjung ke rumahnya. 

Dalam Pantun Buhun Cipaku sudah jelas semuanya asalnya dari mana, sesuai Pakuning Alam. Para Keturunan Karatom Bali berziarah ke Sumedang tiada lain untuk  nyukcruk leluhurnya. 

Dari segi lokasi bahwa keberadaan karaton Sumedanglarang dan lokasi makam sesuai manuskrif yang mereka punyai (di Karaton Bali). 


Kedatangan 8 Raja dari Provinsi Bali berjalan lancar sesuai rencana Ke makam Astana Gede Cipaku,  rombongan ziarah disertai dengan Ketua RWS Sumedang Kang Iwa, Bunda Ully Sigar, dan para paguyuban sekitar Darmaraja.

Di Propinsi Bali ada sebuah "PURE" yang sampai sekarang masih dirawat sampai hari ini yang bernama "PURE DALEM SUMEDANG".


Menurut informasi yang saya dapatkan, rombongan dari 8 Raja dari Provinsi Bali dan seorang dosen sejarah, berbekal sebilah "KERIS" peningalan dari para leluhurnya, ternyata terkuak sebuah tabir besar yang selama hampir 800 tahun, terkubur ternyata Kerajaan Bali berasal dari kerajaan Sumedanglarang, beliau salah seorang Raja yang beranjak dari kerajaan Tembong Agung, dan lari kesebelah timur Nusantara dan beliau menetap di sebuah kepulauan yang sekarang menjadi sebuah Provinsi yaitu Provinsi Bali??? Jadi siapakah dan jaman mana???

Ketika Jaman Nabi Nuh terjadi karena bocor air dari langit, alam semesta goyang, angin puting beliung kencang melanda, banjir di seluruh dunia dan daratan terputus menjadi selat-selat.

Ketika Zaman pra sejarah Kabuyutan Cipaku disebut dengan nama Kawasan Lemah Sagandu (Sundaland / Al Hind), karena bentuk alam waktu itu ibarat Gula Aren (Gula Kawung) ketika itu digambarkan bahwa Nusantara masih bersatu dengan benua Asia, seperti kita ketahui jutaan tahun yang lalu pulau Jawa, Sumatera, Kalimantan, Bali, dan Sulawesi bersatu dengan benua Asia sekarang dan disebut sebagai Benua Sunda (Sunda Land). Kabuyutan Cipaku dipercaya sebagai keturunan dari Nabi Adam a.s dari anaknya Nabi Sis a.s, lalu ke Nabi Nuh a.s, dan ketiga anak keturunan Nabi Nuh a.s yaitu Purbawisesa, Terahwisesa, dan Ratu Galuh waktu itu tiba di Kawasan Lemah Sagandu (Sundaland / al hind / Nusantara / Jawawut).

Waallahu A'lam.

Lantas keturunan Purbawisesa menurunkan raja-raja di Timur, keturunan Terahwisesa menurunkan raja-raja di Barat, dan keturunan Ratu Galuh menurunkan Raja-raja Galuh di Selatan.
Keturunan Purbawisesa atawa Purwawisesa anu angkat ka wetan, ti Cipaku Sumedang ka Cipaku Kuningan, teras ka Cipaku Purwalingga atanapi Cipaku Purbalingga, Cipaku Purwakarta, Cipaku Surakarta, Cipaku Probolinggo, Cipaku Banyuwangi, teras nyebrang ka Bali, terus ka Wetan dugika mentok di NTT.


Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!

Laju naréangan budak angon, 
nu saungna di birit leuwi 
nu pantona batu satangtung, 
nu dihateup ku handeuleum 
ditihangan ku hanjuang.

Nu kasampak ngan kari gagak,
keur ngelak dina tutunggul.

Pajajaran moal ninggalkeun tapak,
jaba ti ngaran pikeun nu mapay. 
Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! 
Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, 
supaya anu laleungit kapanggih deui. 
Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan.

Tapi anu marapayna 
loba nu arieu-aing pang pinterna. 
Mudu arédan heula...


Mulai dibentuk Kang susunan Masyarakat Adat Cipaku 

Baris Kolot : Kasepuhan para tokoh baik tokoh Agama, Tokoh Adat, Tokoh Masyarakat, Tokoh Pemerintahan.

Ketua atau Puun nya beserta susunan organisasinya.

Areal Cipaku ini sudah jelas Batas Kabuyutan Cipaku menurut pantun buhun disebut lemah sagandu itu sebelah Barat Gunung Lingga, Sebelah Timur Gunung Jagat, Selatan Gunung Cakra Buana, Utara Pareugreug 

Sok ah sadayana hudangkeun 

Cimanuk Marigi Deui, Seuweu Siwi Cimanuk, Incu Putu Cimanuk Bersatu Bersinergi Kembali... Marigi Ngahiji 

Jatigede Sirungan Deui, Jatidiri Bangsa, Jatidiri Cipaku bangkit kembali 

Galunggung Ngadeg Tumenggung, Galuh Hyang Agung, Turunan Ratu Galuh, Seuweu Siwi Cipaku dimanapun berada bangun menjadi pemimpin yang amanah dan bersih 

Menurut Uga semuanya dimulai dari Ciujung, Ciujung Nanjung Ngajungjung

Ciujung dan Astana Gede satu Cluster/ Wilayah karena satu bagian tidak terpisahkan, Areal Sakral Situsnya di Astana Gede, Areal Bebersih/ Pensucian dirinya di Mata Air Ciujung 

Untuk Operasional Masyarakat Adat Cipaku nantinya bisa dari pendapatan usaha Pemandian Ciujung, Lembu Agung, Balong Cilembu tea. Bikin kolam seperti Balong Cibulan kuningan, mulai tiketin 5000 aja per orang... Insya Allah besar nanti, lebih dari cukup utk menghidupi kegiatan Masyarakat Adat Cipaku 

Modal untuk bikin pemandian ini murah, hanya semen, pasir, dan batu. Pasir murah di Sumedang satu truk besar 1jt, batu mah banyak disana. Tinggal semen, mau nggaj bantu cari donasi??? Tinggal mau enggak masyarakat bersatu bergerak bersama...

Saur uyut, leuit manete anu 13 aya d Astana gede.

Antara ciujung astana gede aya bangunan jangkung tur ngajelepeng panjang.

Aya kabiasaan silih gebug ku Hoe,pamaen-pamaenna teu parake baju,mastakana di udeng atawa di bungkus kanel ku kain (ujungan tea).

Muhun saur Abah Ahib oge asal Seni Ujungan nu aya di Majalengka justru asalna ti Cipaku 

Para Jawara ujungan mandina di mata air ciujung eta.

Majapahit wae asalna ti urang, ti Ciduging Kalingga Ratu Shima oge asalna ti Urang , aya anu namina Nagara Keling 

Ieu jejak Wretikandayun Ratu Galuh munggaran sateuacan ka Cibubut teras ka Limbangan Gaeut anjeuna lami di Astana Gede Cipaku, malah meunang elmuna teh justru ti Cipaku 

Batu Lingga Astana Gede Cipaku anu pangluhurna eta Petilasan Ratu Galuh Wretikandayun, Anu Handap nembe Lembu Agung

Numawi anu disebat Astana Gede Cipaku sanes anu di Cipeueut tapi nya anu di Cilembu, margi Eyang Haji apanan Cicitna Wretikandayun. Galuh awal nya Cipaku Sumedang

Wretikandayun menelusuri jejak karuhunna anu jaman Nabi Nuh tea, anu disebat Nu Tilu tea. Wretikandayun oge putrana 3, Sejarah selalu berulang

Di Cibugel sok geura aya tempat anu namina Nu Tilu Janten ti Cipaku Sumedang teras ka Cibubut ngadamel Nagara Galuh.


Cibubut apanan caket ka Cibugel perbatasan garut anu brasna ka Limbangan.

Ti dinya teras ka kidul nurunkeun raja-raja di Kidul, Mangga geura ngobrol sareng Kang Dedy Syeh.

625 Masehi Sayidina Ali ka Tatar Sunda dongkap, malah saur Abah mah tepangna di Astana Gede Cipaku Pendakna sareng saha nya Wretikandayun Nembe engke disusud ti Cipaku Eyang Haji angkat ka Mekah., Juru tilu Naaaah pan, atawa mungkin bae waktos masih keneh di Cipancar Sumedang Selatan  apanan aya nami BAGINDA, nami baginda eta dicandak tina nami Baginda Ali dinu babon Cipaku mah disebatna Syekh Ali.

Dina Buk pakuning Alam Cipaku, Ratu Galuh ngadamel nagara mimiti di Cibubut,  Wretikandayun ieu nu nurunkeun Raja-raja Jawa, Sunda, jeung Bali. 

Sanjaya juga Cicitnya Wretikandayun yang membangun Dinasti Sanjaya di Jawa Makanya sangat Wajar Raja-raja Bali datang ke Astana Gede Cipaku, karena itu jejak leluhurnya Wretikandayun, Ratu Galuh.

Saha eta nu ngawitan nganamian nu diluhur Prabu Lembu Agung??? Makanya Jampe di Cipaku ada kata-kata :

"Degdeg Tanjeur, Jaya Perang Braja Denung, Nya Aing Ratu Galuh Agung Tunggal Henteu Aya Sisihna., Itu Mantranya Tajimalela yang merupakan cicit dari cicit Wretikandayun.

Itu salah satu cuplikan mantra yang diajarin Leluhur Cipaku. Abdi terangna Astana Gede eta jejakna Wretikandayun kusabab menjawab logika apanan Eyang Haji Aji Putih teh tokoh kaCipakuan.

Naha Astana Gede Cipaku tempatna sanes di Cipeueut? Apanan teu nyambung sanes?

Setelah ngobrol sama Abah Ahib, nembe terang iiiiih ceunah numatak dingaranan Astana Gede Cipaku oge da nu mimiti pisan mah Astana Gede,  Justru situs-situs nu aya disakuliling Astana Gede teh ti mulai cipeueut, surian, gajah agung, gunung Jagat, Gunung Cakra Buana, Gunung Lingga, Gunung Penuh, teh keur ngajagaan Astana Gede.

Cipeueut mah Pasarean, Pasantren, tempat belajar ilmu pengetahuan, makana sok disebut Bagala Asih Panyipuhan.

Saur Abah da nu di Astana Gede Luhur mah sanes kuburan.  Lebih ke Petilasan atanapi Monumen, mun ayeuna mah Candi. Janten bodor pisan pami aya niat bade mindahkeun Astana Gede teh, da naon anu bade dipindah? Teu aya anu dikubur 

Di dinya petilasan, tempat Wretikandayun Ratu Galuh menekung Mujasmedi, kenging wangsit Illahiah ti para karuhunna anu menginspirasi anjeuna mendirikan Kerajaan Galuh, anjeuna dipiwarang angkat ka Kidul, nya mulai prakna di Cibubut, teras ka Limbangan, teras berkembang di Suku Gunung Galunggung. Galuh Hyang Agung 

Janten engke Raja-raja Nusantara, Pamingpin-Pamimpin Nusantara bakal Sarowan ka Astana Gede Cipaku.

Taroskeun ka Mang Surono basa urang Jatigede Tour 17-an, plang Situs Lembu Agung katajong sanes dugika ngagubrag ha..ha..ha... 

Abdi seuri harita da nyakitu alimeun disebut Lembu Agung mah Dugika ngagulutuk plangna kahandap.

Saur Buk Cipaku, Ratu Galuh gaduh tanda lahir. Hayoooh buka geura bukna, Tanda lahirna naon he...he...he. Margi Jatigede ngahaja dibersihan, kanggo Ngadegna Ratu Galuh deui

Tadina Cipaku perumahan milik pribadi, ayeuna janten milik nagara, margi da ti kapungkur oge Cipaku mah Kabuyutan, tanah adat anu dimiliki ku Nagara jeung dilindungi nagara  Seueur pikukuhna


Kadieunakeun janten perumahan nya tos seueur nu teu ngajalankeun deui pikukuh xi..xi..xi, janten wayahna Saur Eyang Haji aduuuuh kalaluar heula incu putu wayahna da Cipaku baden ngadeg deui, bade dianggo kanggo jaga Ngadegna Ratu Galuh 

Taun 78 mulai Jatigede dimimitian ngadamel Studi Kelayakan, pembebasan tanahna diukur, dibayar mulai 84... Kedahna mah tos arangkat tah parindah, namung nyakitu baheula teu amanah proses pembebasan tanahna. Jadi masyarakat baralik deui.

Tahun 2015 nya da tos waktuna, Saur Eyang Haji wayahna Cuuuuu kalaluar heula, geuning hese dititah arindit teh, nya wayahna dikeueum ku kami ku cai, supaya beresih. 

Ke dina wanci nu mustari, dina mangsa nu sampurna, ku kami disaatan deui, mun jaga ke Ratu Galuh na tos Nitis 

Dina Buk Cipaku tos jelas aya tanda lahirna. Hayoooh nu tiasa ngajawab saha? Naon tanda lahir ratu galuh anu engke bakal ngadeg. saur Ki Ahda iraha titisan Ratu Galuh bakal mulai ngadeg? Dina buk Jaya Baya??? Karang hideung dina mata, Eta tandana

Dina bobodasna, Cobi pilari??? Anu ngarasa gaduh tanda lahir, aya karang hideung dina mata bodasna ngacung !!!

Eta anu jaga bakal ngadegkeun deui Pajajaran Anyar

Ratu Adil anu ditunggu-tunggu ku sadayana...Sok ah...ngaracung...

Karang hideung??? Muhun, karang hideung dinu soca 

Nya....eta ciri fisik Duka tos lahir, masih nyumput buni dinu caang, nyamar Atanapi teu acan lahir

Dinu buk aya geura sok aos, Nu Tilu masing-masing aya cirina. Ratu Galuh tandana dina socana aya Karang Hideung, janten tiap nitis pasti eta tandana. Adam Tajimalela Balung Tunggal tandana teu aya bujalan. Teras Gusti Rosul tandana papak ramona. Tah saha nu papak ramona??? Hayoooh ngacung xi..xi...xi

Nu teu aya bujalan saha??? Engke Nu Tilu ngarumpul deui di Cipaku, ngawangun pajajaran enggal.

Rajana Atanapi Pamingpinna titisan Ratu Galuh, anu janten Ulamana titisan Gusti Rosul, anu janten Tokoh Masyarakatna Titisan Tajimalela. Tri Tangtu di Buana ngadeg deui. Ratu Rasi Rama, Beureum Bodas Hideung, Umaro Ulama Umat.

Sadayana bersatu, marigi, ngahiji. Budak Angon, Budak Jangotan, Ratu Adil. Di Jaawa disebat : Sabdapalon, Nayagenggong, Wijaya Kusumah.

Apanan Raden Wijaya oge turunan Galuh.Jadi ti awal nepika akhir oge Ratu Galuh anu jadi rajana. Tri Tangtu, Tri Tunggal, Nu Tilu tea.

Ayeuna sok di Batawi kunaon Ulama jadi ujug-ujug rame dibahas dugika diacung-acung ku nu demo, aksi bela Ulama.

Saha anu ngagerakeun??? Sateuacana pan ulama dipinggirkan, Umaro bekerja tanpa menghiraukan Ulama. Ayeuna nuju ngetrend naon Tokoh Masyarakat alias Ketua DPRD sanesna.

Setnov pan di Indonesia mah tokoh umat tertinggi di Nagara urang. Nuju diharudangkeun.
Engke mah Tokoh Umaro / Ratu bakal aya titisan Galuh, Tokoh Ulama bakal aya titisan Gusti Rosul, ti Tokoh Umat bakal aya titisan ti Tajimalela atanapi Balung Tunggal.

Nembe ke Nagara Maju, Nusantara Jaya di Buana. Iraha??? antosan wae. Nu ngadeg di Nusantara atanapi Indonesia kin diatur ku karuhun urang, Ayak-ayak beas tea

Dipilihan nu bersih nu jujur nu bakal ngadeg di Indonesia, Karoeheon siap meramaikan kang dalam prosesi persembahaannya.

Cag ach ......


Waallahu a'lam bishowab.;)





Semoga Astana Gede Cipaku bisa dikembangkan bagi berziarah leluhur Asal / Inti / Galuh Galihna Hyang Agung.
#JatigedeLebakCawene 
#AstanaGedeCipakuPusatnya

Baca Juga :

Tidak ada komentar