Koreksi Sajarah Permunggu Pawenang Wado

Ieu babad anu dicutat dina tulisan kapungkur ngeunaan Babad "Permunggu Pawenang Wado"

Karuhun Permunggu Pawenang Mulyajaya

1. Sanghyang Pawenang, nu sumare di Puncak Gunung Cakrabuana.
2. Sanghyang Anggarawati, nu sumare di Puncak Gunung Balukbuk.
3. Sanghyang Cakrawati, nu sumare di Puncak Gunung Manyeti.
4. Sanghyang Prabu Wirakencana, nu sumare di Puncak Gunung Kancana Cakrabuana.
5. Batara Cakrabuana, nu sumare di Gunung Pamoyanan Cakrabuana.
6. Batara Linglang, nu sumare di Gunung Cikadu.
7. Batara Sanghalu, Dahyang Sanghalu, nu sumare di Gedong Maneuh atau Gunung Masigit.
8. Nyimas Rd. Mas Pamenang (Ratu Ayu Pawenang), nu sumare di Puncak Gunung Niskola Cigangsa.
9. Sanghyang Sela Wenang, nu sumare di Sirah Cikareo Cakrabuana.
10. Sunan Sanghyang Darmatji, nu sumare di Gunung Carenang.
10. Batara Malanglarang, nu sumare di Gunung Sirah Cibobo Cakrabuana.
11. Nyimas Rd. Sri Lembokhejo, nu sumare di Sirah Cialing Cakrabuana.
12. Prabu Munding Darek, Sangkana Carana, nu sumare di Gunung Sirah Cacaban Cakrabuana.
13. Batara Kalanta, nu sumare di Sirah Cihikeu Gede Cakrabuana.
14. Batara Cagak Carambang, nu sumare di Gunung Sirah Cikabeet Cakrabuana.
15. Rd. Mura Darek, nu sumare di Tegal Jugul Cimungkal.
16. Nyimas Denok, nu sumare di Gunung Salebu atawa Gunung Jagat Ciranggem.
17. Prabu Simajaya atau Rd. Jaya Sima, nu sumare di Kutajanggot Parupug.
19. Sang Wiku Jaya Indra Putih atawa Sang Ratu Dewi Tandana, nu sumare di Lamping Gunung Mogana.
20. Nyimas Ratu Sri Ratna Dewi Kasih Murba Kancana, nu linggih di Gunung Majeti Rawa Lakbok Banjar Ciamis
21. Pangeran Prabu Kudratulah, nu sumare di Gunung Gahgar kasungka Pangantingan Wado.
22. Ratu Alih Rancang Omas atawa Nyimas Rd. Ratna Dewi Bungursari, nu sumare di Gunung Sirah Cipawenang, Pawenang.
23. Batara Ciptalarang Sirnalarang, nu sumare di Cigeunung Pawenang.
24. Batara Angga Larang, nu sumare di Sirah Cijati Elas Cikareo.
25. Batara Tesna Putih Tesna Larang, nu sumare di Gunung Penuh Bojong Salam Wado.
26. Sanghyang Raja Haji Kang Alam, nu sumare di Gunung Puseur Tanjakan Nangsi Sukanyiru.
27. Sanghyang Balungbang Sagara, nu sumare di Gunung Jatiga Ciruyuk Sukajadi.
28. Sanghyang Kidang Karancang, nu sumare di Gunung Putramuka Gunung Sangiang Cakrabuana.
29. Sanghyang Prabu Cagak Jalu, nu sumare di Gunung Gegerhanjung Cilandak Cikareo.
30. Sanghyang Lembu Malang, nu sumare di Gunung Sangiang Sampih Cimungkal.
31. Sunan Prabu Darmajati, nu sumare di Makam Sangkanjati Cikareo
32. Sunan Pamancaran, nu sumare di Leuweung Gonggong Pamencaran Cirayun
33. Sunan Sela Geulis, nu sumare di Selageulis Pasir Padang Tarikolot.
34. Sunan Jatiga, sumare di Cimuncang Cakrabuana Sukaherang Cilengkrang.
35. Ny. Rd. Ratna Ayu Manincang Aris Kembang, nu sumare di Gunung Paksi Tegal Pakan Cadasri Cirayun.
36. Ratu Ayu Kembang Buana, nu sumare di Gunung Geulis Kebon Cau Baginda Sumedang.

Kacarioskeun Ratu Ayu Manincang Aris Kembang no. 35, Ratu Nagara Sumedang Larang ditikah ku Prabu Wangi anu jenenganna Pangeran Kawangi Panji Asmara Bangun, gelarna Prabu Surya Amisesa, ngarundaykeun :

- Pangeran JAGATRA/DJAKARTA mantenna dicarioskeun ngabukbak leuweung anu aya di wilayah Sunda Kalapa, nya sok katelah oge Pangeran Djakarta.
- Pangeran SANTANG PERTALA, dudukuh di Tanjung Kuning.
- Pangeran GARANTANG SASTRA, mantenna tetep aya di Pawenang Wado.
- Pangeran SAMU GUMURUH, ngadeg Raja di Lebak Banten.
- Pangeran TUNDJUNG BUANA ngadeg nagara di Ujung Kulon Pandeglang.
- Pangeran ANOM SANG RAJA PUTRA  ngadeg raja di Banten Girang Serang (Banten)
- Ratu AYU GEDENG JURI tatapa di basisir Kidul.
- Ratu AYU KAWALI ngadeg nagara di Kawali Ciamis.
- Ratu AYU SEKAR BANG dudukuh di Karang. 
Pangeran SUNAN ARYA PADA, mantenna diistrenan nyepeng karajaan neraskeun ti garis ibu kalawan meunang pangakuan ti Raja pajajaran margina ramana jelas salah sawios katurunan langsung ti raja pajajaran harita.

Kacarioskeun Pangeran SUNAN ARYA PADA, putra Prabu Siliwangi anu neraskeun karajaan Pajajaran di daerah Sumedanglarang, mantenna kagungan putra/putri anu kacatet dua nyaeta :

1. PANGERAN BANGSIT 
Mantenna neraskeun ngadeg raja mung teu lami, mantenna wasiat ka rayina supados neraskeun kalungguhanna, patilasanana di lokasi Keramat Tangtu Dusun Cikarang Desa Tenjolaya - Pawenang, Kecamatan Wado,  samalih mah didamelkeun situs ku Dinas Pendidikan sareng Kepurbakalaan Pemda Sumedang janten salah sawios situs purbakala.







2. PANGERAN JAYA KUSUMAH
Mantenna neraskeun kalungguhan ratu di ieu nagara sakumaha anu parantos diterangkeun diluhur, Pangeran Raden Rajakusumah dimakamkeun di puncak Gunung Paneguh anu aya di kawasan Desa Cikareo Utara, nya katelah sok disebut Eyang Paneguh, duka nyandak kana kateguhan iman islam-na atanapi kateguhan maksadna wallahu’alam, tina hasil rarabi ieu ratu ngagaduhan Putra/putri nyaeta :
2.1. Nyi Raden Ayu Dewi Ratna Lintang Lumayung ditikah ku salah sawios putra Sultan Cirebon, namung teu aya penjelasan anu langkung paos saha anu dimaksad putra sultan didieu
2.2. Raden Arya Sacagati  neraskeun kalungguhan Ratu, salajengna di Makamkeun di pasarean ageung anu bade lebet ka Desa Tarikolot salangkungna sasak walungan cialing, tepatna Gunung Kutapada nya nelah dugi ka kiwari mantenna sok disebat Pangeran Putrapada.
2. 3. Raden Arya Sacanagara, mantenna rupina janten mantrijero ieu nagara, makamna aya di Gunung Mogana sakuloneun Desa Tarikolot ayeuna.
2.4. Raden Arya Sutanagara, nyepeng daerah kapalih kaler tug dugi kadimakamkeun di daerah Sundulan, saluhureun walungan cialing anu ngalangkung kadina kalayan kamashur ku sebatan Raden Gagaksangkur, anu maksadna mantenna memang kaceluk kaawun awun nya gagah nya mashur.
2.5. Raden Arya Wangsa Dinata, sumare di Gunung Cigangsa ka candak ka daerah Desa Pawenang Kaler ayeuna katelah disebat Sunan Cigangsa.
2.6. Raden Arya Nanggadisuta, putra bungsu tur nyantri ti pangeran Rajakusumah, makamna aya di Gunung Cengkok wetaneun Desa Cikareo nu kaleubeut ka Desa Pawenang.


Koreksi Sajarah Permunggu Pawenang Wado
Prabu Mertalaya (Sunan Guling) ngantunkeun digentos ku putrana Prabu Tirtakusuma (Sunan Tuakan) dina taun 1237 dugi ka 1462 M, neraskeun dinasti kaparabonan Sumedanglarag nu ka genep (VI).

Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) ti garwana Ratu Nurcahya puputra :
1. Ratu Ratnasih atawa Ratu Rajamatri dipigarwa ku Sri Baduga Maharaja Jaya Dewata (1482 – 1521 M) Raja Pajajaran puputra Rd. Meumeut atanapi Rd. Ceumeut, Rd. Meumeut puputra Sunan Pada, Sunan Pada puputra Nyi Mas Cukang Gedeng Waru anu engkena janten istri ka hiji Prabu Geusan Ulun (Pangeran Angkawijaya)
2. Ratu Sintawati atanapi Nyi Mas Ratu Patuakan.
3. Sari Kencana dipigarwa ku Prabu Liman Sanjaya putrana Prabu Siliwangi / Sri Baduga Maharaja Ratu Haji (Prabu Guru Dewapranata) ti garwana Ratu Rajamantri.
Prabu Liman Senjaya (Sunan Cipancar) puputra Dalem Limansenjaya Kusumah di Karta Rahayu Limbangan Garut.


Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) nganjrek kakawaasan paling lami diantara raja-raja Sumedanglarang kirang langkung marentah salami 155 taun, dina pamarentahan na langkung ngutamakeun pikeun kapentingan kalebet (intern) Mandala Karajaan  Sumedanglarang, sahingga teu nampak peranan politikna. Sanajan dina masa pamarentahanna Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) aya kajantenan peristiwa Perang Bubat antara Pajajaran sareng Majapahit.

Saatosna ngantunkeun Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) dimakamkeun di Kampung Heubeul Isuk Desa Cimarias Kecamatan Pamulihan Sumedang, di komplek makam Heubeul Isuk aya oge makam istrina nyaeta Ratu Nurcahya sareng makam Mundingwangi,


Dumasar "Naskah Asli Babon Silsilah Katurunan Sumedang",  Prabu Siliwangi / Sri Baduga Maharaja Ratu Haji (Prabu Guru Dewapranata), 1482 – 1521 M, nikah ka Ratu Ratnasih atawa Ratu Rajamatri putrana Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) ti garwana Ratu Nurcahya puputra :
1. Raden Tenga / Rd. Tenget
2. Raden Meumeut / Raden Cameut / Raden Ameut
3. Raden Munding Kelemu Wilamantri / Munding Keleupeung
4. Raden Saken (Mbah Agung)
5. Raden Munding Sari (Ratu Bancana)
6. Prabu Laya Kusumah.

Raden Meumeut puputra Sunan Pada di Karedok, Sunan Karedok puputra :
1. Nyimas Cukang Gedeng Waru nu dipigarwa ku Prabu Geusan Ulun
2. Nyimas Gedeng Sari
3. Nyimas Cukang Gedeng Tomo


Sumberna

- Sejarah Permunggu Pewenang Wado.
- Naskah Asli Babon Silsilah Katurunan Sumedang

Baca Juga :