Silsilah Ratu Ratna Inten / Ratu Nawang Wulan

Prabu Jantaka ti garwana Sawitri puputra nyaeta :
1. Aria Bimaraksa 
2. Jagat Jaya Nata atanapi Wira Gati
3. Sari Legawa.

Prabu Demunawan (Raja Kuningan), nikah sareng Sari Legawa kagungan putri nyaeta Sari Banon kancana. Sari Banon Kancana ditikah ku Jagat Jaya Nata, kagungan putra, nyaeta :
1. Sari Ningrun 
2. Ratna Inten / Nawang Wulan.
Nawang Wulan / Ratna Inten ditikah Ku Prabhu Aji Putih, putra Arya Binaraksa (Resi Putih) ti Garwana Dewi Komalasari atanapi Ratu Komara.

Janten Prabu Aji Putih ka Ratu Inten Nawang Wulan teh masih dulur sabrayna (dulur deukeut).

Upami Makam ramana Ibu Ratu Nawang Wulan nyaeta Jagat Jaya Nata atanapi Wiragati ayana di Astana Gede Cipancar Kecamatan Sumedang Selatan.

Kitu deui ibuna Prabu Aji Putih nyaeta Ratu Komala Sari (Ratu Komara) anu dipigarwa ku Aria Bimaraksa atanapi Ki Balagantrang atanapi Sanghyang Resi Putih,  makamna aya di Astana Gede Cipancar Kecamatan Sumedang Selatan.

Tah kitu silsilah/nasabna Ratu Nawang Wulan anu dikenal Ronggeng Sadunya, dinamian ""Ronggeng Sadunya" kumargi Ratu Inten / Nawang Wulan pinter Tari.

Janten moal aya Sumedang, mun teu aya Darmaarja, moal aya Darmaraja mun teu aya Cipancar Hilir, moal aya Cipancar Hilir mun teu aya Cipancar Girang (Kendan Galuh). Sababiahna Indung nu ngalahirkeun, ti Ci Pancer nu jadi Bapa nu ngayuga, pikeun Darma Ngarajaan.

Upami Hoyong Langkung Jelas Tinggal Bagan-bagan Silsilah di Handap ieu :




MALATI LEUWI KINANTI

Katumbiri melengkung ti kahyangan
Hujan kembang sumawur ka Pajajaran
Widadari lumungsur muru tampian
Ngadon siram di leuwi Sipatahunan
Dengkleung nineung
Kalangkang mangsa ka tukang
Dengkleung nineung
Silanglang dina panyawang
Dengkleung nineung
Kalangkang mangsa ka tukang
Dengkleung nineung
Silanglang dina panyawang


Acara "Tabur Bunga" di Jatigede , 17 Agustus 2017



Cag ah..

Baca Juga :

Tidak ada komentar