Niti Wanci

Gumuruh pamapag.
Awor jeung beueus cipanon.
Dihiyap-hiyap.
Némbongkeun mamanis budi nu mudal tina sajeroning ati sanubari.
Éstuning clik putih clak hérang, lain babasan.
Kuring ngarasakeun, sabab kuring aya dina lemah caina.
Muriding kuring mirengna.
Aweuhan ngajomantara. Pangbagéa.
Reueus jeung deudeuh Rohman tur asih, nganteur balébat nu geus tunggang gunung.
Sabenerna,,,rasa nu munggaran katampa.
Karasa,,,ngahiji ngajadi jati nu sajati. Di ieu lemah cai.
Enya,,, Kutamaya ngaran Baléna. 
Nyurup, mubyar. Enyaan, lain mamalihan.
Seungit wawangi suci, putih kasebutna.
Ngarampa lemah boga tohaga.
Dina jiwa séwang-séwangan, mawur ka sakur nu munjungan.
Komarana babarasatan. 
Sanajan giwangkara méh lekasan.
Reup, peuting masih kénéh katénjo marahmayna.
Rék nepi ka iraha.
Pan ieu mimitina.
Tapak lacak sajarah, nu kiwari keur dibebenah.
Sumedang, Sumedang.
Béh dituna pisan aya Tembong Agung, cukang pameuntasan.
Jati buhun saksina.
Enya, buhun karuhun nepi ka Ratu Pucuk Umun.



Baca Juga :