BOA IRAHA???

Rarasaan téh asa cikénéh.
Mapay pudunan balik tanjakan.
Mudun noroktok tuur.
Nanjak ngahégak.
Lungsé saawak-awak.
Kaupahan ku gupay dangdaunan.
Kabébéndé ku simpé.
Jurungkunung gunung karuhun.
Mapag méga nu daria.
Béjakeuneun ka baraya.
Ulah sulaya.
Mun teu hayang mamala.
Kuring nyawang sajajalan.
Mun arinyana araya kénéh.
Boa murka.
Duméh mandala aya nu rék ngaropéa.
Éstuning asri béda jeung di dayeuh.
Najan geus kaluar tina papatah.
Gelebug, ujug-ujug séah anging tarik naker.
Awor jeung motahna walungan. 
Reup, burinyay!.
Bréh, ngelemeng tangtungan sinatria Sembada.
“Mun jaga maranéh jadi pamingpin, kudu mibanda jiwa wibawa, komara, jeung léngkahna panceg dina giri jaladri, surta pawaka” pokna.
Sakujur awak lir kapuk kaibunan.
Teu wasa neuteup pameunteu nu pinuh komara.
Les,,,teu kanyahoan.
Rungah-ringeuh. 
Laju nuluykeun lalampahan.
Katempo saung di birit leuwi.
Nu pantona "Batu Satangtung Hiji".
Dihateupan ku handeuleum di tihangan ku hanjuang.
Bari nyésakeun pananya. 
Ari budak angonna, kamana???.

Baca Juga :

Tidak ada komentar