Harti Ciung Wanara

Kaseueuran jalma kabobodo ku dongengna tapi teu tiasa ngahartikeun siloka/sindir/silib/sandi/sasmita, nu aya dinu...papantun "CIUNG WANARA"...apan nami aslina Prabu Rd. Suratoma atanapi Rd. Suratama,..anu kenging gegelar Prabu Cihung/Ciung Wanara, padahal eta eusi papantun mibanda pikukuh TRI TANGTU DI BUANA nyaeta Wilayah ka-Rama-an, ka-Resi-an jeung ka-Ratu-an.

Ciung Wanara mibanda harti :
~ Ci, ma'nana dangiang/Cahaya/Kahirupan,
~ Ung, ma 'nana Nu AHUng, nu diluHUr
~ Wana, ma'nana tempatna,
~ Ra, ma'nana Sanghyang Manon {mata holang/Johar Awal (bs. Arab)},  nu Jadi Pancer KaHIrupan jeung KaHUripan.


Perlambang hayam babuna, da bongan mimiti bijil "panon poe" hasil coretanna nu MAHA KERSA, hayam pangheulana nu disada, sorana kongkorongok. Ngahudangkeun anu kajongjonan talibra, ngageuingkeun nu sare, pikeun ngahudangkeun Ra-hasa ngahijikeun sHU-skma. Anu kadieuna eta ra-babu (hayam) panon poe teh ku seniman sunda dijieun alat musik "REBAB".


Cag ah, taun hayamna ulah silih bintih, silih jembrod, silih deudeutkeun siga nu dilaluhur jeung di...

Rahayu...







Baca Juga :

Tidak ada komentar