Pangrajah Ka Karuhun Sumedanglarang

Sampurasun...

Bismillahirrahmanirrahim...


Nu Mancer Cahyaning Gusti. Nu Murba, anu Wisesa, nu Agung anu Maha’na. Anu Kersa anu Karsa. Nu Ngersakeun nu Ngarsakeun.

Bukti tunggul, nya muga, tunggul anu ngarahayu, ti Sunan Ambu, nya muga, tangkal anu ngadarajat, ti sunan Rama. Turun pulung ka galuh agung, galuh geusan di nyalindung. Ku aji ning halimunan, disieuman ku handeuleum, dicaangan ku hanjuang.

Bubuka ka para pangagung Sumedanglarang, diantarana : eyang Prabu Daniswara, eyang Prabu Purbaswara, eyang Ratu Komalasari, eyang Resi Agung Aria Bimaraksa, eyang Prabu Aji Putih, eyang Ratu Inten Dewata, eyang Prabu Tajimalela, eyang Prabu Lembu Agung, eyang Prabu Gajah Agung, eyang Sunan Guling, eyang Pagulingan, eyang Sunan Corendra, eyang Pangeran Santri, eyang Pangeran Geusan Ulun, eyang Pangeran Sugih, eyang Pangeran Mekah, Kum ka karuhun sabudeur handap, al Fatihah.

Ashadu tiba ning rasa, anlaa anu ngajadi rasa, illaaha patepung rasa, ilallaah sejatining rasa. Rasa Eyang rasa abdi. Rasa hirup rasaning hurip. Rasa Allah, rasaning Muhammad ya Rosulullah. Niat kuring ajining rasa, rasa goib titipan nu Maha Tunggal. Tunggal sarasa, tunggal sapangawasa, jalan nu rahayu mapag alam kabagjaan, eunteungeun diri pribadi.

Basa mah gambaran rasa,  budhi mah gambaran ati, ngancikna raga sorangan. Dina batin anu sidik, anu tara daek ngabohong,  jeung dibohongan. Jaga diri ati-ati, pinasti hirup taliti, dumugi mapagna pati.

Hirup pasti, ku cageurna,  ku bageurna, ku benerna, nu taat ka parentahNA. Repeh-rapih, beres-roes, tur akur reujeung sasama. Mahluk nu sugih hartina, beunghar harta, salamet hirup kumbuhna.

Amjalu papadang ati, awaking bugang na diri. Bisa maca, bisa ngajina. Sir gulung rasa gumulung, nu lungguh dina jajantung, nincak dina perah nyawa. Ngajina na tungtung ati. maca na tungtung rasa.

Nu hurung dina jajantung, nu herangna, di kalilipa. Hurung tanding dammar hurung, siang tanding dammar Herang. Anu hurungna, dina kurungan, anu herang, eusi rasa. Kadi bulan, kadi sarangéngé ngahing medal,  remet ménténg dina angen. Anu ngilo dina tikoro,  nu ngintip dina lalangit,  muka diri buka rohani.

Buka sintung, bukakeun gedongan ati.....
Pang mukakeun Cahaya ti anu Maha Kawasa.
Supaya kapanggih bukti, nu puguh diri sajati, kudu nyata ceuk tuduhna.
Bray cahaya, bray padang narawangan, Cahaya Anu Kawasa.
Ka anu nyepeng dinten tujuh, dawuh lima, pager dua welas.

Seja nyanggakeun pangbakti, Sapulukaneun...
Tik bul ning menyan kaula, cahaya beureum kanyataanna amarah.
Tik bul ning menyan kaula, cahaya bodas loamah.
Tik bul ning menyan kaula, cahayana sawi'yah.
Tik bul ning menyan kaula, cahayana mut'mainah.

Pang nepikeun hadiah kuring....
Kasaderek anu opat, kalima pancerna diri.
Ka saderek anu medal,  ka sederek nu teu medal. 
Ka putra anu medal,  ka putra anu teu medal.
Ka guru lahir, guru batin,  ka guru nu sidik, ka guru permana.
Ka nu ngukur tangtung, ka nu kagungan rahayu, ka nu kagungan darajat.
Ka indung nu ngandung, ka bapa anu ngayuga.

Ka luhur anu mayungan, ka handap anu nganparan, ka gigir anu ngajaring,  ka tukang anu ngagiring, ka hareup anu nampian.

Sim kuring,  Sanduk-sanduk ka para Rosul,  para Nabi, para Wali,  para Hyang nu suci, para Karuhun sadaya.  Salam syahadat sajati Saraga, sanyawa jeung badan kaula.

Bul kukus, kukus kami, kukus haji asup ka para pohaci. Nyi Pohaci Sang Hyang Sri, dang dayang Tresnawati.

Nu nganten, nu ngajunganten, nu nganamaan inten, nu larang leuwih sorangan. Nya nu kasebat Batara Naga, Sang Kama herang, Sang Kama lenglang, Sang Kama Putih.

Nu linggih di tungtung ati, nu tapa di jero raga. ngahaturkeun menyan putih sapurulukan, Ka Ibu, ka Rama, ka sapucuk ning ibun. Ka sajati ning raos, Ka sajati ning rasa,  Ka sajati ning pangawasa.

Ngirim sari kanu Maha Kersa, ngirim rasa kanu Maha Kawasa, ka Allah Ta’alla ka Gusti nu Maha Suci,  ka Syekh Abdul Khodir Jaelani Baghdadi,  sareng ka para karuhun sadayana.

Ka Cirebon Girang, Cirebon Tengah, Cirebon Hilir. Ka Embah Sunan Gunung Jati Purba, Ka Ki Kuwu Sangkan Hurip, Ka Sunan Gunung Jati Syekh Syarif Hidayatulloh, sareng deui ka Syekh Syarif Durrahman nyaeta Sunan Kalijaga.


Kitu deui,...

Seja amitan ka para lelembutan, nu ka kurung ku wawangunan, bisi ka geuleuhan, ka keumeuhan, ka tajong, ka koer, ka gandengan, ku prilaku diri kuring/manusa.

Kaula rek ........(contona : nyucruk galur sarakan karuhuh), kudu runtut, paut, anut, patut ka manusa, ulah hiri, ulang dengki,  jail kaniaya ka diri kuring/manusa.

Neda Whidi ka Gusti, Seja nyukcruk galur kapungkur, mapay laratan baheula. Nu natrat dina tutulisan. Nu ka campa ku rasa, nu ka toel ku hate. ka tepi ku pikir, ka jeueung ku panempo, pang wuwuh na basa lisan, nu tumuwuh turun tinurun.

Teu ju’uh ku cai ibun, teu luntur ku waktu, teu laas ku jaman. Budaya Sunda tetep ajeg, sanajan geus rea nu leungit, dina jiwa manusa Sunda.

Amit sun hampura ingsun, nya paralun, seja ulun. Ka para luluhung agung, nu ka agungan ku pangagung.

Nu ngadeg di uwung-uwung,  nu ngadeg di awang-awang. Anu sirna di mandala panta-panta.
1.  Di Mandala Méga Manggul.
2.  Di Mandala Méga Malang.
3.  Di Mandala Méga Beureum.
4.  Di Mandala Méga Si karembangan.
5.  Di Mandala Méga Si kareumbingan.
6.  Di Mandala Méga Si antrawela.
7.  Di Mandala Pa-Guruh, Pa-Guntur, Patapan Guntur.
8.  Di Mandala Bumi suci kerepek séah.
9.  Di Mandala Bumi Beureum.
10. Di Mandala Bumi Hideung.
11. Di Mandala Bumi Héjo.
12. Di Mandala Bumi Konéng.
13. Di Mandala Bumi Hawuk.
14. Di Mandala Bumi Putih.
15. Di Mandala Bumi Céngcéréngan.
16. Di Mandala Bumi Sanghyang Sorong Kancana.
17. Di Mandala Bumi Sang Hyang Ribut.
18. Di Mandala Bumi Suci Alam padang.

Galura bakti, ka luluhur, Ka-papara karuhun urang sadayana, nu ilahar diparaké jampé, ti baheula nu jadi tari paranti.

Sapulukaneun ka sadaya para luluhur, karuhun karuhun suci. Anu ti kalér, sa kalér,  Anu ti kidul, sa kidul,  Anu ti kulon, sa kulon,  Anu ti wétan, sa wétan.

Seja amit...

Ka Gusti Allah nu miboga alam kabir, alam sagir, alam dua papasangan, bulan dua belas, poe tujuh, dawuh lima.  Dulur opat kalima pancer, nu sanggup ngajaga beurang peuting badan kaula, nyatana panangan urang sarerea.

Ka sukma agung, ka sukma rasa, ka sukma sari, ka sukma tunggal, sukma sajati Ka dzat kang sampurna, ka roh idhofi, teteger Hyang Agung, aya di sukma raga badan kaula, Ku keresaning Allah, Sumujud, sumerep, sa-Marifatulloh.

Jisim kuring sadayana.... neda bagja, neda hidayah, neda mangpaat, neda maunat, neda caang, neda padang, narawangan, neda salamet, neda barokah...

Kum teu badé di wiji-wiji. Dunga-na para kasepuhan sadayana, anu masih kénéh gelar di alam hirup.

Ashadu alaa ilaaha illallaah, Tunggal eneng ingsun lan tunggal Dzat ingsun. Wa ashadu ana Muhammadarosulullah,  Tunggal usik ingsun lan tunggal sifat ingsun. Laesa kamislihi syaeun fil ardi wa lafissamawati - Al Faatihah.

Bismillahirohmanirohim
Del rasa as nyawa putih. Sira metu saking jasad.
Ingsun arep weruh lonjoring pangeran.
Engko iki den enggalaken sarta parek,
ingsun tumindak gumantung tanpa telapakan,
gumancang tanpa wewayangan.
Ya Ingsun Sejatining Hurip…
Ya Allah, Ya Muhammad…

Dilajengkeun zikir dinu Hate : Allah Hu Allah.. Allah  Hu Allah, salami 30 menit atawa saseuseurna.

Cag ah,,, sasieureun, sabenjereun pamugi aya manfaatna.

Baca Juga :

Tidak ada komentar