Sajarah Luluhur Pawenang Wado (Purwacarita)

Pun sapun ka sang karuhun anu parantos mayunan kahirupan, rumeksa ka Hyang Agung, Allah anu kawasa ka sakabeh alam dunya, seja medar naon nu aya dina layang buku ka-Darmaraja-an, hampura sabab aya salahna da rumasa heureut pakeun suda basa tur taya tangan pangawasa, mipit amit ngala menta, seja ngaguar naon anu tos didongengkeun ku para sepuh ti wanci leutik dugi ka kiwari, dibumbuan ku para bujangga sunda khususna kasumedangan, dipaesan ku pantesna, kitu manawi, pamugi aya kasapukan ti para wargi mangga nyanggakeun ieu pedaran sasieureun sabenjeureun, mun lepat mangga lereskeun, mun kirang mangga lengkepan, dina leres mangga mumule titinggalna karuhun urang, dilarapkeun ku ageman urang ayeuna nya Islam kasebatna, mangkahade mung ka Allooh urang sumeja.

Iyeu nyanggakeun salah sahiji dongeng diantawis rebuan dongeng anu hirup di masyarakat Sumedang, atawa sok rajeun disebat sasakala karuhun Sumedang Purwacarita, karajaan Sumedang pada harita can aya, isuk jaganing geto Sumedang jadi Nagara anu mashur alatan ugeran Sang Prabu Tajimalela “INGSUN MEDAL MADA(LA)NGAN“, ari Nagara anu dimaksud pada harita, ngan saukur boga wilayah, dupi pangeusi atanapi rahayat hiji nagara harita ngan saukur sababaraha umpi kulawarga, numawi pantes di mangsa harita loba nagara, raja, leuweung anu masih sanget tur angker tur sok dipake panyumputan begal.

Mangga ayeuna urang lajengkeun ieu purwacarita, baheula pisan dina ieu carios, aya hiji nagara anu katelah Pawenang, iyeu nagara masih keneh kabawah ku Karajaan Galuh, anu mangsa harita ditatar jawa kulon, mangrupakeun salah sahiji karajaan anu ngawasa ditatar parahyangan, jujuluk ratuna dianggo salah sahiji angkeuhan urang sunda kiwari.

Sang Ratu katelah PRABU SILIWANGI, puseur dayeuhna di Ciamis, tah lajeng urang mulang deui ka asal ieu sasakala Nagara Pawenang, iyeu nagara ayana di daerah Desa Pawenang Wado ayeuna, kalebet ka Kacamatan Wado, Kabupaten Sumedang, anu ka unggel dina catetan pini sepuh, anu janten PAMANGGUL JURIT (Hulu Jurit) pangheuyeuk Dayeuhna jujuluk anu katelah SANGHYANG PAWENANG, mantenna ngadeg ratu anu pinuh ku elmu panemu jampe pamake sapagodos jeung kapercayaan harita nyaeta Hindu, wilayah anu ditaklukkeun / dihijikeun ku ieu Ratu kaitung legana, wates Gunung Cakrabuwana ti Kidul, Gunung Jagat ti wetan, walungan Cigangsa ti Kaler, Gunung Gebos ti Kulon, teu aya catetan anu pasti iraha titi mangsa anjeunna ngadeg raja jeung iraha tilar dunyana, ngan dilelempeng ku ageman harita anjeunna tilar dunya, jasadna di sampurnakeun ku jalan di duruk, tur lebu jasadna ditanem di puncak Gunung Cakrabuwana bawahan Sukanyiru ayeuna.

Satilarna Sanghyang Pawenang, mantenna diteraskeun ku palaputra, katurunan anu neraskeun karesian atanapi kaprabonan ieu nagara Pawenang nyaeta :

1. Sanghyang Anggarawati, di catet yen mantenna dilinggihkeun di puncak Gunung Balukbuk.
2. Sanghyang Cakrawati mantenna dipiwarang tolabul ilmi ka pulo Majeti, namung teu mulih deui ka nagara pawenang saterasna duka bobojo di ieu pulo mung dicatet yen mantenna linggih di salah sahiji puncak gunung nu aya di pulo Majeti.
3. Sanghyang Wirakancana, mantenna neraskeun kalungguhan ramana di karaton, palinggihanana saterasna aya di Puncak gunung Kancana di wetaneun Pawenang.
4. Sanghyang Cakrabuana, linggihna di salah sawios puncak gunung Cakrabuana, handapeun buyutna nyaeta sanghyang Pawenang, anu katelah pamoyanan.
5. Sanghyang Batara Linglang, sok oge pirajeuneun aya nu nyebat Sanghyang Aji Bastak anu linggihna di puncak gunung Cikadu, di daerah ­ kabawa ka desa Cikareo Selatan sareng Wado.
6. Sanghyang Batara Sangkala Doyong Sangkala Sangjana Girang, dilinggihkeun di Gedong Maneuh, atanapi ayeuna sok disebat Pasir Masigit, di caket lapang sepak bola Desa Wado.
7. Sanghyang Ratu Ayu Pawenang, dilinggihkeun di Gunung Niskala Cigangsa, Desa Pawenang.
8. Sanghyang Batara Seda,atanapi sok disebat oge Sanghyang Sangkala Wenang, anu linggihna di sirah Gunung (walungan) Cikareo.
9. Sanghyang Batara Sarawaci anu linggihna dipendemkeun di dasar Gunung atanapi puncak gunung carenang nu kabawah ka pagunungan Cakrabuana.
10. Sanghyang Malangkarang anu linggihna dipendemkeun di dasar Gunung atanapi sirah Walungan Cibobo.
11. Sanghyang Lembok Hejo anu dilinggihkeun di sirah walungan Cialing di Desa Pawenang.
12. Sanghyang Munding Darah Sangkana Carana, anu linggihna di sirah walungan cacaban di daerah sundulan ?
13. Sanghyang Kalanta anu linggihna si sirah walungan cihikeu gede Darmaraja.
14. Sanghyang Gagak Carombong anu linggihna di sirah walungan Cikabeet.
15. Sanghyang Munding Darak mantenna dilinggihkeun di Tegaljugul, namung teu acan kauningga yen tegaljugul dimana tempat anu pastina.
16. Sanghyang Ratu Denok nu linggih jeung ngawasa Gunung Jagat atanapi Gunung Soleha anu pernahna aya di wewengkon Cipendeuy ampir perbatesan sareng wilayah Kec. Talaga.
17. Sanghyang Prabu Simajaya atanapi katelah oge Raden Jaya Singa, linggihna ­ di Kutajenggot parugpug.
18. Sanghyang Wikujaya Indra Putih atanapi sok disebat oge Ambu Sridewi Fondana anu linggih di Gunung Lamping Mogana di wewengkon Desa Tarikolot.
19. Sanghyang Ratu Dewi Kasih Murba Kancana, mantenna nyusul karuhun tur tetep tumetep di Gunung Majeti daerah Lakbok – Banjar-Ciamis.
20. Sanghyang Prabu Kudratullah anu Maqomna aya di Gagakakusungka Pangantingan, Desa Pawenang, numutkeun jenengan nya ti ngawitan Raja Pawenang anu kacatet ayeuna Agama Islam tos ngawitan di anut ku masyarakat ieu karajaan, namung kanggo ngahurmat kana kalungguhanana,­ gelar sanghyang jadi ciri anu pasti ngabentenkeun menak jeung somah.
21. Sanghyang Ratu Asih Rancang Emas atanapi sokdisebat oge Sanghyang Ratu Bungur Sari, makamna aya Makam gede anu aya disirah walungan Cipawenang.
22. Sanghyang Ciptalarang Sri Malarang linggihna aya di sirah cai Cigeuneuk.
23. Sanghyang Anggalarang makamna tos kalindih ku jalan umum anu ngahubungkeun Malangbong – Wado, tepatna di dusun elos Desa Cikareo Utara, tur dugi ka kiwari ngaluarkeun cai anu ngagenyas herang, sok disebat oge ku masyarakat satempat ku sebatan Cijati.
24. Sanghyang T(r)esna Putih T(r)esna Herang anu linggihna di Gunung Penuh Darmaraja.
25. Sanghyang Raja Haji Kang Alam anu linggih di Gunung Puseurnagara atanapi kapungkur disebat Tenjo Mango, ayeuna sok disebat wilayah Sukanyiru di tutugan gunung Cakrabuana
26. Sanghyang Balungbang Sagara anu linggih di Gunung Jatiga.
27. Sanghyang Kidang Koroncong anu linggih ngarajaan Gunung Sangiang anu aya diwilayah Desa Sangiang Kecamatan Cibugel ayeuna, tepatna di Makam ageung Gunung Sangiang, di makam iyeu salian gundukan makam, oge aya batu sapertos kuda, malihmah saurna eta kuda the kuda sembrani anu tiasa ngambah jomantara, kakapengan sok hawar hawar aya sapertos sora kuda, dupi warna kudana cenah warna bodas atanapi hawuk wallahu’alam.
28. Sanghyang Gagak Jalu anu linggih di Gunung geger hanjuang di lembur anu disebat Cilandak kabawah ka Desa Cikareo Utara, dugi ka danget ieu, manuk gagak (gaok) di lembur ieu sok rajeun masih katingal keneh teu incah ti dinya malih aya curug anu nganggo jenengan Gagak.
29. Sanghyang Lembu Malarang mantenna diutus neraskeun janten raja di Tegaljugu?
30. Pangeran Sunan Sarana Jati, maqomna ana di makam ageung anu disebat pasir Bakan Jati di Desa cikareo.
31. Sanghyang Wiku Sunan Pamancaran mantenna angkat ka leuweung Gunung simagonggong duka dimana ieu leuweung teu kacaturkeun deui dimana ayana.
32. Sanghyang Sunan Selageulis atanapi sok disebat Sunan Manangkeb anu linggihna di Gunung Selageulis pasir padang wilayah Tarikolot ayeuna.
33. Sanghyang Sunan Jatiga anu linggih di Gunung Cimuncang Cakrabuana Sukaherang Cilengkrang.
34. Sanghyang Ratu Ayu Kembang Buana atawa Ratu Gedeng Waru anu sumare di Kebon Cau Gunung Geulis  Sumedang. 
Keterangan : 
Ratu Ayu Kembang Buana atawa Ratu Gedeng Waru adalah isterinya Raden Gedeng Waru yaitu Raden Gedeng Waru. Nama aslinya Ratu Ayu Kembang Buana adalah Nyi Sari Anten.
Raden Gedeng Waru (asal Sunda Pakuan dan Limbangan dari keturunan Raja Pucuk Bumi Darma Swara / Prb, Alhae Sakti), menikah dengan Nyi Sari Anten (Sari Rohniati), berputra : Nyi Sari Naganingrum Gandrunia. 
Nyi Sari Naganingrum Gandrunia, ditikah oleh Prabu Gajah Agung (Atma Brata) dan berputra Prabu Pagulingan. 
Makam Prabu Gajah Agung dan Dewi Sari Ningrum di Cicanting Desa Sukamedang (Cisurat) - Kecamatan Wado Sumedang).

35. Sanghyang Ratu Ratna Manuncang Aris Kembang, mantenna dipigarwa ku salah sawios turunan Prebu Wangi ti Karajaan Sunda/Galuh, anu mana isuk jaganing geto katurunan Prebu Wangi sok rajeun disebut Siliwangi.
Katerangan : Prabu Wangi nami saleresna nyaeta Prabu Linggabuana atawa dina Carita Parahiyangan mah disebutna Prabu Maharaja Lingga Buana (tinggal salsilahna  di websites ieu,  https://id.rodovid.org/wk/Orang:321582).

Kitu manawi jujutan para raja atanapi katurunan raja-raja di Karajaan Sumedang Purwacarita.  Ieu babad anu dicutat dina tulisan kapungkur ngeunaan Babad "Permunggu Pawenang Wado".

Kacarioskeun Ratu Ayu Manincang Aris Kembang no. 35, Ratu Nagara Sumedang Larang ditikah ku Prabu Siliwangi anu jenenganna Pangeran Kawangi Panji Asmara Bangun, gelarna Prabu Surya Amisesa, tina ieu pertikahan ngarundaykeun :
- Pangeran Jagatra/Djakarta mantenna dicarioskeun ngabukbak leuweung anu aya di wilayah Sunda Kalapa, nya sok katelah oge Pangeran Djayakarta.
- Pangeran Santang Pertala, dudukuh di Tanjung Kuning.
- Pangeran Garantang Sastra, mantenna tetep aya di Pawenang Wado.
- Pangeran Samu Gumuruh, ngadeg Raja di Lebak Banten.
- Pangeran Tunjung Buana ngadeg nagara di ujung kulon Pandeglang.
- Pangeran Anom Sang Raja Putra ngadeg raja di Banten Girang Serang (Banten)
- Ratu Ayu Gedeng Juri tatapa di basisir Kidul.
- Ratu Ayu Kawali ngadeg nagara di Kawali Ciamis.
- Ratu Ayu Sekarbang dudukuh di Karang. 
- Pangeran Sunan Pada, mantenna diistrenan nyepeng karajaan neraskeun ti garis ibu kalawan meunang pangakuan ti Raja Pajajaran margina ramana jelas salah sawios katurunan langsung ti Raja Pajajaran harita.

Kacarioskeun Pangeran Sunan Arya Pada, turunan Prabu Siliwangi anu neraskeun karajaan pajajaran di Daerah Sumedanglarang, mantenna kagungan putra/putri anu kacatet dua nyaeta :
1. PANGERAN BANGSIT, mantenna neraskeun ngadeg raja mung teu lami, mantenna wasiat ka rayina supados neraskeun kalungguhanna, patilasanana aya di daerah Pawenang Wado. samalih mah didamelkeun situs ku Dinas Pendidikan sareng Kepurbakalaan Pemda Sumedang janten salah sawios situs purbakala.





Makam Pangeran Bangsit

Makam Isterinya Pangeran Bangsit

2. PANGERAN JAYA KUSUMAH, mantenna neraskeun kalungguhan ratu di ieu nagara sakumaha anu parantos diterangkeun diluhur, Pangeran Raden Rajakusumah di Makamkeun di puncak Gunung Paneguh anu aya di kawasan Desa Cikareo Utara, nya katelah sok disebut Eyang Paneguh, duka nyandak kana kateguhan iman islam-na atanapi kateguhan maksadna wallahu’alam, tina hasil rarabi ieu ratu ngagaduhan Putra/putri nyaeta :
1. Nyi Rd. Ratna Lintang Lumayung ditikah ku salah sawios putra Sultan Cirebon, namung teu aya penjelasan anu langkung paos saha anu dimaksad putra Sultan di dieu.
2. Rd. Sacagati, neraskeun kalungguhan Ratu, salajengna di makamkeun di pasarean ageung anu bade lebet ka Desa Tarikolot salangkungna sasak walungan Cialing, tepatna Gunung Kutapada nya nelah dugi ka kiwari mantenna sok disebat Pangeran Putrapada.
3. Rd. Sacanagara, mantenna rupina janten mantri jero ieu nagara, makamna aya di Gunung Mogana sakuloneun Desa Tarikolot ayeuna.
4. Rd. Sutanagara atawa Rd. Sutadinata, nyepeng daerah kapalih kaler tug dugi kadimakamkeun di daerah Sundulan, saluhureun walungan Cialing anu ngalangkung kadina kalayan kamashur ku sebatan Raden Gagaksangkur, anu maksadna mantenna memang kaceluk kaawun awun nya gagah nya mashur.
5. Rd. Wangsadinaya, sumare di Gunung Cigangsa ka candak ka daerah Desa Pawenang Kaler ayeuna katelah disebat Sunan Cigangsa.
6. Rd. Nanggadisuta, putra bungsu tur nyantri ti pangeran Jayakusumah, makamna aya di gunung Cengkok wetaneun Desa Cikareo leubeut ka Desa Pawenang. 

5. Rd. Wangsadinaya, kagungan putra 9 (tinu sepuh 5 tinu anom 4) :
Tinu sepuh :
5.1 Rd. Cadrawinata
5.2 Rd. Majasentana
5.3 Rd. Natapraja
5.4 Rd. Sastradimaja
5.5 Rd. Citradimaja
Tinu anom :
5.6 Nyi Rd. Aminah
5.7 Rd. Rahmat
5.8 Nyi Rd. Siti Maya
5.9 Nyi Rd. Maya Sekar

6. Rd. Nanggadisuta, putra 4 nyaeta :
6.1. Nyi Raden Nata Inten anu ditikah ku Eyang Patinggi Sumedang (Patih) turunan Dalem Sumedanglarang, disumarekeun di Cigangsa.
6.2 Rd. Rahlan Wigana, sumare di Cigangsa
6.3 Rd. Wangsa Dimaja
6.4 Rd. Raksa Dijaya

5.3 Rd. Natapraja kagungan istri Rd. Ratna Inten, putrana Pangeran Rangga Gede ti Sumedang, puputra :
5.3.1 Rd. Sacadiraksa 

5.3.1 Rd. Sacadiraksa, puputra :
5.3.1.1 Rd. Agus Wisesa

5.3.1.1 Rd. Agus Wisesa, kagungan putra :
Rd. Wangsadinaya 2

Makam Raden Arya Nanggadisuta (eyang Cengkok) di Kacamatan Wado


Koreksi Sajarah Permunggu Pawenang Wado
Penjelasan ti simkuring : Anu dimaksad Sanghyang Pawenang teh, sanes Sanghyang Wenang versi jaman wayang anjeuna teh, tapi salaku Pamanggul Jurit Prabu Siliwangi. katelahna Sang Hyang Pawenang, anu dianggo janten nami Sasakala nami desa/dusun nyaeta PAWENANG kiwari.

Sanghyang Pawengang mung janten Pamanggul Jurit (Senapati) Prabu Siliwangi nu mana teu jentre / jelas jamanna dina Sajarah Luluhur Pawenang Wado teh jamanna saha? 

Ditambih katerangan Ratu Ayu Manuncang Aris Kembang no. 35, Ratu Nagara Sumedang Larang anu ditikah ku Prabu Siliwangi anu jenenganna Pangeran Kawangi Panji Asmara Bangun, gelarna Prabu Surya Amisesa, ngarujukna ka caritaan ti Jawa Wetan.  Saha anu dimaksad Pangeran Panji Asmara Bangun anu gelarna Prabu Surya Amisesa dina eta babad Permunggu Wado teh, matak ngabingungkeun nu ngartos Sajarah ?
a. Naha jamanna Prabu Niskala Wastu Kancana ( 1371 - 1475) ?
b. Naha jamanna  Prabu Dewa Niskala (1475 - 1478),  ramana Prabu Jawa Dewata ? 
c. Naha jamanna Prabu Jaya Dewata (1478 - 1521) ? 
d. Naha Jamanna Prabu Surawisesa (1521 -1535) ? 
Aya kamungkinan jamanna Sanghyang Pawenang teh salaku Pamanggul Jurit, jamanna Prabu Niskala Wastu Kancana atawa Prabu Dewa Niskala.

Ayaeuna diguar deui ngeunaan Sunan Pada (Sunan Pada), dina  Sejarah Sumedanglarang kirang langkung kieu Sajarahna :

Prabu Mertalaya (Sunan Guling) ngantunkeun digentos ku putrana Prabu Tirtakusuma (Sunan Tuakan) dina taun 1237 dugi ka 1462 M, neraskeun dinasti kaparabonan Sumedanglarag nu ka genep (VI).

Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) ti garwana Ratu Nurcahya puputra :
1. Ratu Ratnasih atawa Ratu Rajamatri dipigarwa ku Sri Baduga Maharaja Jaya Dewata (1482 – 1521 M) Raja Pajajaran puputra Rd. Meumeut atanapi Rd. Ceumeut, Rd. Meumeut puputra Sunan Pada, Sunan Pada puputra Nyi Mas Cukang Gedeng Waru anu engkena janten istri ka hiji Prabu Geusan Ulun (Pangeran Angkawijaya)
2. Ratu Sintawati atanapi Nyi Mas Ratu Patuakan.
3. Sari Kencana dipigarwa ku Prabu Liman Sanjaya putrana Prabu Siliwangi / Sri Baduga Maharaja Ratu Haji (Prabu Guru Dewapranata) ti garwana Ratu Rajamantri.
Prabu Liman Senjaya (Sunan Cipancar) puputra Dalem Limansenjaya Kusumah di Karta Rahayu Limbangan Garut.

Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) nganjrek kakawaasan paling lami diantara raja-raja Sumedanglarang kirang langkung marentah salami 155 taun, dina pamarentahan na langkung ngutamakeun pikeun kapentingan kalebet (intern) Mandala Karajaan  Sumedanglarang, sahingga teu nampak peranan politikna. Sanajan dina masa pamarentahanna Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) aya kajantenan peristiwa Perang Bubat antara Pajajaran sareng Majapahit.

Saatosna ngantunkeun Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) dimakamkeun di Kampung Heubeul Isuk Desa Cimarias Kecamatan Pamulihan Sumedang, di komplek makam Heubeul Isuk aya oge makam istrina nyaeta Ratu Nurcahya sareng makam Mundingwangi.

Dumasar "Naskah Asli Babon Silsilah Katurunan Sumedang",  Prabu Siliwangi / Sri Baduga Maharaja Ratu Haji (Prabu Guru Dewapranata), 1482 – 1521 M, nikah ka Ratu Ratnasih atawa Ratu Rajamatri putrana Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) ti garwana Ratu Nurcahya puputra :
1. Raden Tenga
2. Raden Meumeut / Raden Cameut / Raden Ameut
3. Raden Munding Kelemu Wilamantri / Munding Keleupeung
4. Raden Saken (Mbah Agung)
5. Raden Munding Sari (Ratu Bancana)
6. Prabu Laya Kusumah.

Raden Meumeut puputra Sunan Pada (Raden Hasara) di Karedok, Sunan Pada puputra :
1. Nyimas Cukang Gedeng Waru (Nyimas Sari Hatin), nu dipigarwa ku Prabu Geusan Ulun
2. Nyimas Gedeng Sari
3. Nyimas Cukang Gedeng Tomo
___________
Sumberna :
- Sejarah Permunggu Pewenang Wado.
- Naskah Asli Babon Silsilah Katurunan Sumedang

Baca Juga :