Eyang Gagak Lumayung Anu Sumare di Gunung Padang Darmaraja

Kamari Sim kuring miang deui ka dua kalian ziarahan-nawassulan ka makom laluhur Sumedang larang. Anu ngawitan sareng M Zakaria, Kianom Sumedang, Syeikh Wihdatul Wujud, sareng Dede. Rengrengan ti Situraja Sumedang.

Kadua kalina kuring mios ziarah deui diangkin ku Kang Fajarnur Kurnia Fathurrahman, Teh Away Nurkurnia, Kang Fahmi Leonidas. (27/April/2016)



Di eta patempatan aya situs/makom : Eyang Sidiq Permana Hajar Padang (Resi Ki Ajar Padang), tutunggul Ciri/simbol eyang Semar, makom Nyimas Cakrawati, makom Eyang Pamulang, makom Gagak Lumayung, tutunggul Hiji/Ciri Ciung Wanarah, anu janten Raja Galuh, anu nuju leutikna kacaritakeun geuning dirorokna ku Aki jeung Nini Beragantang teh di Sumedang. 




Kuring datang ka ieu tempat sanes munjung Gunung, Nyembah kanu Batu boh kitu deui amun ziarah ka Tanah Suci Mekah, tapi Munjung kanu Agung, Nyembah kanu Kawasa.

Ku sabab kawajiban ki Sunda ngamumule sajarah di patempatan eta tempat.

Runtuyan Getih moal bisa robah, runtuyan elmu pangaweruh anak incu bisa robah-robah...

Linggahiang, Tutunggul Hiji (Simbol dat Alif Sunda baheula) simbol elmu laluhur kapungkur.

Kuring lain sumbuh-sembah kana Batu, Tapi Simbul Siloka ditunda dina TUTUNGGUL HIJI...bacaeun, hartikeuneun anak incu, Papat kalima pancer (rukun Islam amun kadieunakeun mah).

Elmuna Masagi, Tetep Panceg, Sa-Aji, Sa-Pangarti dina Enggoning Ngabdi Ka Gustina nu HIJI, nu Maha Suci.


Sakedik nambihan, eyang Permana Dikusuma atanapi eyang Sidik Permana Ajar Padang atanapi Ki Ajar Padang nyaeta rama pituin na eyang Ciung Manarah (Ciung Wanara) nu di asuh ku aki na nyaeta Eyang Bimaraksa bin Jantaka bin Wretikendayun (Balangantrang), eta sifat aki nyandak ti kersana ibuna Ciung Manarah (Raden Suratama) nu wastana Ibu Ratu Dewi Naganingrum, nu ngagaduh dulur pameget nu wastana Eyang Aji Putih (janten Eyang Aji Putih ka Eyang Ciung Manarah teh alona) bin Raden Bimaraksa (Balangantrang) bin Jantaka (Resi Danumaya/Ki Adjar Sukresi) raja Denuh raina Eyang Batara Hyang Semplak Waja Raja/Resi Galunggung.


Eyang Aji Putih puputra Eyang Tajimalela. Janten eyang Ciung Manarah sareng eyang Tajimalela teh sipatna nya kapi adi, nya kapi lanceuk



Lajeng saur sakaol, eyang Gagak Lumayung teh eta wasta landihan eyang Prabu Kian Santang nalika nuju alit, nju diajar silat.



Upami ditinggal tinu Sislilahna aya dihandap ieu :


Tabe pun, Cag rupina cekap sakieu pedaran Gagak Lumayung anu makomna aya di Gunung Padang Darmaraja. Bahe carek punten bilih aya tulisan anu kirang tata titi duduga peryoga.

Baca Juga :

Tidak ada komentar