Teu Menang Nanggap Wayang Di Cipaku Darmaraja


Di Cipaku Darmaraja Sumedang aya kecap "Teu Menang Nanggap Wayang" ieu mangrupakeun kearifan lokal (Local Genius) pikeun seuweu-siwina Sumedanglarang anu aya di kabuyutan CIPAKU Darmaraja Kabupaten Sumedang.  Pamali nanggap Wayang teu Cipaku wae di Daerah Darmaraja nu sejenna diantarana di Cikeusi jeung di Paniis. Malah di Desa Cipancar Kecamatan Sumedang Selatan oge pamali nanggap wayang, sabab bakal nu di wayangkeun  nana Galah, Galuh nu jadi Galih. Tinu buk Pakuning alam disebutkeun yen lamun aya nu maksa kana pepeling eta harta bandana bakal ancur jeung bandana tangtu ngurangan, ieu pesan moral teh kacida hade pikeun seuweu-siwi putuna boh nu aya di kabuyutan Cipaku atawa nu diluar CIPAKU.   Sumangga ayeuna urang pedarkeun amanat ti karuhun Cipaku teh :


"Teu Menang Nanggap Wayang"

Siloka ulah ngan saukur lalajo...janten penonton...janten urang ukur lalajo jalanna carita wayang, sakuduna urang anu janten wayang terlibat dina carita anu dilakonkeun, ulah ngan saukur janten penonton wungkul. Kitu manawi silokana. Kanyataan ayeuna bangsa urang ngan saukur janten penonton wungkul...teu ngigelan jaman anu aya malah diigelan jaman...teu bisa janten trend setter malah palid ku trend anu diciptakeun ku batur. Ulah oge janten dalang sabab dalang mah sifatna Nu Kawasa anu ngatur carita, urang teu bisa ngatur wayang batur...Urang ngan saukur bisa jadi diri sorangan. Susah pisan ngarobah batur nu bisa ngan ngarubah diri sorangan, susuganan bisa menginspirasi batur kanggo berubah.  

Janten hayu urang igelan jaman jadilah wayang dina carita ulah ngan saukur lalajo, pas carita lucu ngan saukur seuri. Darma wawayangan wae, urang nu jadi wayangna Nu Kawasa anu jadi Dalang-NA.
===========
Kintunan : Mang Kaby (Ir. Asep S  M.m, warga Cipaku asli anu tinggal di Bogor)


Di Ciri Cikal Bakal Sumedang aya Bahasa Pamali Nanggap Wayang

Babasan wangsit eta aya nu percaya aya anu ham-ham jeung aya oge anu teu percaya. Naon atuh make aya bahasa eta. Ke urang guar sakedik sakedik supados ki sunda ngarti jeung apal kana jajarana.

Kaol : beja pabeja-beja yen di Cipaku ulah nanggap wayang, pamali. Ku ki sunda di pilari cirina jeung kumaha jajarana anu jelasna tah kieu anu kapendak dina bahasa lisan ti para sepuh anu beunang dipercaya, yen di Cipaku pamali nanggap wayang. Yen bahasana teu meunang ditulis sabab pamali, jadi kudu di lisan dina neurangkeunana oge..waAllohu a'lam

Kaol Caritana: yen aya perkara tina bahasa gelar opat kalima pancer, mun pancerna ngarawatan nyalira. Anu opat eta wiwitana tina bahasa Nur Cahya : bodas kahiji, beureum kahiji, koneng kahiji, hideung kahiji. 
Tah eta teh gelar jeung geugeular di ieu alam malah aya bahasa dulur anu sajati dina rasa jeung hirup oge maujudna aya: dina jaman eta oge dina diri manusa anu apal kadirina pasti ka panggih komo mun sampurna tafakurna. 

Kadieuna anu opat eta gelar sanghiang, gelar batara tah kitu sajarah garis gedena, yen di Cipaku ulah nanggap wayang. 

Kasimpulanna di Cipaku aya jajaran awal anu digeularkeun ku pangeran.

Baca Juga :

Tidak ada komentar