Cacandran Sumedang

  • Sumedang geura ngadarma ka Darmaraja/
  • Sumedang geura damaran ku Puncak Damar/
  • Sumedang geura reugreug pageuhan ku Pareugreug/
  • Sumedang geura cicingan pageuhan kukuhkeun ku Cipaku//
  • Sumedang ulah di kiruhan ku Cikeuruh/
  • Sumedang geura sarian ku Tanjung sari/
  • Sumedang geura wangian ku ciwangi//
  • Sumedang ulah kabobodo ku Cibogo/
  • kapoyok ku Cipaok nagrong/
  • mawa gorowong cur-cor ka Corenda/
  • Sumedang geura pentang Curug Emas ku panah Cakrabuana/
  • Sumedang geura buka koncina ku Gunung Kunci//
  • Sumedang ulah nyemah ka Jemah/
  • Sumedang geura mi indung ka Jati Indung/
  • Sumedang geura mi bapa ka Pamoyanan/
  • Sumedang geura paseukan ku gunung Jagat/
  • Sumedang geura pinuhan ku Gunung Penuh/
  • Sumedang geura eusian ku Cikeusi//
  • Sumedang geura jayaan ku Nirmala/
  • Sumedang kudu inggis ku bisi rempan /
  • ku sugan ku Pasir Hiking (Pasir Ringkik)/
  • Nini urung-urung aki urung-urung/
  • Citarum mohal burung di bendung/
  • Cisadane mohal burung di pungkat/
  • Cadas cari teu anakan /
  • Kaluhur jadi halimun /
  • Kahandap jadi teu aya//
  • Matih piburungan ibu, Sangkuriang kabeurangan /
  • Cina bodo pulang ngaran beureum beungeutna/
  • Cina mulang ka Cinaglang, ciri bukti parakan panjang/
  • Jati Gede hese jadi, mohal burung di bendung//
  • Ciri wanci nu mustari/
  • Sumedang jaya bakal ngabukti/
  • Nagara paeunteung-eunteung/
  • Sumedang  Jaya jeung Karang Sambung/
  • Ujung Jaya nu ngajadi, ahir supagi  jadi kota, /
  • bakalna aya kuta, tapi bakal ahirna, /
  • jangeun paseban kariaan, kariaan di Karang Sambung// 
  • Tepung dulur dina uga galur/
  • Prebu Ciung wanarah jeung/
  • Prebu hariang banga/
  • Ngabale di bale rante /
  •  Sumedang tangtu rame//

Baca Juga :

Tidak ada komentar